Sastra Sunda: MAPAG UDAT-UDAT BALEBAT

- Rabu, 15 September 2021 | 11:50 WIB
Ilustrasi carpon Mapag Udat-Udat Balebat. (Heindry Kurniawan)
Ilustrasi carpon Mapag Udat-Udat Balebat. (Heindry Kurniawan)

Ku: Tiktik Rusyani

TÈKO ngahiung, oven ngajentring. Kop kana elap bari teu poho mareuman kompor. Oven dibuka, schotel macaroni dikaluarkeun. Sok dina méja nu geus diamparan ku mat tina anyaman pandan. Malik deui kana kompor, cur nyician cangkir eusi kopi keur salaki, susu coklat keur barudak. Sok dina méja. Awak malik kana kulkas, nyokot nugget. Gen katél, curulung minyak. Bari ngagoréng nugget biwir teu eureun gegeroan ka nu rék sarapan. Sanggeus kabéh tarurun tur diuk dina korsi masing-masing. Bapana budak ngomando, ngadunga méméh mumuluk.

“Abdi wangsul rada wengi, Kang. Aya rapat di sékré, tatahar badé pemilihan pangurus anyar. Titip barudak. Wayahna réncangna mah mésér deui. Ku abdi tos dipesenkeun ka Ceu Karti, ké sonten dijajapkeun.”

Salaki ukur ngarérét. Teu loba omong. Da biasana gé kitu, kuring lain ménta idin tapi nepikeun béwara. Rék saluyu rék henteu, kudu saluyu. Loba nu butuh ku kuring.

“Aa Andri jaga adé Ardhia, nya. Ayah pan kedah WFH, ulah ribut, ulah ameng kaluar, saatos daring Dhia mending maca buku. Aa Andri kadé kedah latihan piano, résital sakedap deui. Ké uihna bunda mésér éskrim.” Barudak unggeuk. Ngan nu bungsu katempona ngungun ti tadi gé.

Nu tiluan ngadadahan ti téras. Mobil distarter laju dikaluarkeun ti garasi. Sanggeus nutupkeun pager, biur nyemprung ngudag jangji di komunitas ‘Wanodya Walagri” (WW). Komunitas nu salila lima taun geus loba ngaadvokasi korban KDRT jeung Sexual Harrasment. Rék keunana ka budak atawa ka kolot, lamun nu jadi korbanna awéwé, nya geus jadi kawajiban WW keur nulunganana.

Wanodya Walagri geus lumayan populér di masarakat. Malah kuring nu jadi sékjénna geus remen midang dina TV lokal. Enya gé komunitas téh ayana di ibu kota propinsi, tapi layanan mah ngahontal sakabéh daérah nu kira-kira kaduga ku lalampahan pulang poé.

Tapi nya kitu, kaayeunakeun mah salaki siga rada kurang panduk kuring sibuk di luar téh. Najan enya masih bisa kénéh ngurus budak, kasiwer kénéh ngabaturan mun aya acara di sakola, tapi mémang waktu nu kacangkolong keur kulawarga kadieunakeun mah tambah loba waé.

Éta gé geus rada jadi pikiran, komo mun ngingetkeun kacapé mah. Tapi pan geus kayid hayang ngabantuan kaum kuring nu katideresa, utamana nu jadi korban KDRT. Ngaadvokasi jeung néangan aksés keur usaha sanggeus bérés perkarana. Loba pisan nu narima panyiksa bari teu bisa hojah téh kulantaran teu boga panghasilan. Nungguan paméré salaki. Teu motékar embung hésé. Matak dina mangsa aya kakeuheul ti nu jadi salaki teu bisa ngalawan. Rido jadi pameupeus keuyang, sansak nu raca ku panyiksa da teu daya téa.

Halaman:

Editor: Dudung Ridwan

Tags

Terkini

Sastra Sunda: MAPAG UDAT-UDAT BALEBAT

Rabu, 15 September 2021 | 11:50 WIB

Penyebab Terjadinya Kram Otot Rangka

Minggu, 12 September 2021 | 17:39 WIB

Pesona Gunung Salak Yang Penuh Kisah Mistis

Kamis, 24 Juni 2021 | 14:13 WIB

6 Ikan Cupang Termahal di Dunia

Rabu, 5 Mei 2021 | 14:58 WIB
X